Sapertos anu kahartos ku urang sadaya, dina mazhab Syafi'i, maca do'a qunut nalika shalat subuh mangrupikeun sunnah. Sunnah dina kontéks ieu nyaéta sunnah ab'adl ku kituna lamun katinggaleun éta sunnah ngalaksanakeun sujud pikeun sahwi.
Pertarosan sareng Jawaban Fiqih Bahasa Sunda Perkawis Qunut
J: Lamun mamum ka imam anu hente maca qunut dina sholat subuh karena poho atawa tara maca karena beda madhab, jawabanna di jelaskeun dina kitab I'ANATUTTHOLIBIN Juz ka 1 halaman 198.
ويسجد تارك القنوت تبعا لإمامه الحنفي أولاقتدائه في صبح بمصلى سنتها على الأوجه
Kudu sujud sahwi ka mamum anu hente maca qunut karena mamuna ka imam anu hente ngamadhab ka imam hanafi, atawa sholat subuh ngamamum kanu ker sunat Qolbiyah subuh, Numutkeun kana kaol anu lewih masyhur mah dina kitab syarah safinah halaman 87 di (تركه) dijelaskeun
واما القنوت فلا تجب الموافقة فيه لافعلا ولا تركا فاذا فعله الامام جاز للمأموم ان يتركه ويسجد عامدا واذا تركه الامام سن للمأموم فعله اذا ادركه فى السجد الاول وجاز مع الكراهة ان ادركه فى الجلوس بين السجدتين
Jeung ari maca Qunut eta hente wajib kudu bareng dina ngamakmum, hentu dina migawe jeng henteu dina ninggalken. jeung di mana imam maca Qunut. Maka menang ka mamum henteu maca Qunut, maka di sunatkeun ka mamum kudu maca dengan syarat kudu nyusul ka imam dina sujud anu ka hiji, jeung menang maca Qunut bari di hukuman makruh macana, lamun ka susulna imam dina nalika calik dina antara sujud dua.
DALIL- DALIL MACA QUNUT
Kedudukan Qunut dina sholat subuh jeung dina witir pertengahan kadua dina bulan romadhon ti tanggal 16 nepika akhirna eta sunat ab'ad di mana di tinggal ngahaja atawa henteu sunnah sujud sahwi.
Dina kitab Majmu Imam Nawawi halaman 504 di jelskeun,
مَذْهَبُنَا أَنَّهُ يُسْتَحَبُّ الْقُنُوتُ فِيهَا سواء نزلت نازلة أو لم تنزل وبها قَالَ أَكْثَرُ السَّلَفِ وَمَنْ بَعْدَهُمْ أَوْ كَثِيرٌ مِنْهُمْ وَمِمَّنْ قَالَ بِهِ أَبُو بَكْرٍ الصِّدِّيقُ وَعُمَرُ بْنُ الْخَطَّابِ وَعُثْمَانُ وَعَلِيٌّ وَابْنُ عَبَّاسٍ وَالْبَرَاءُ بْنُ عَازِبٍ رَضِيَ اللَّهُ عَنْهُمْ
Numutkeun kana madzhab urang sadaya (madzhab imam syafi'i) saenyana di sunatkeun maca qunut dina sholat, naha turun fitnah atawa hente, karena ieu dalil, maka seuseueurna ulama salaf sareng ulama saba'da na. Ari sawarehna ulama salaf anu ngahukuman sunat maca Qunut nya eta Sayyiduna abu bakar As-sidiq, Sayyiduna Umar bin khottob, Sayyiduna Usman bin 'Affan, Sayyiduna Ali bin Abi tholib Rodiyallohu anhum.
Dina kitab AL-UM imam safi'i juz 1 Halaman 205.
ولا قنوت في شيئ من الصلوات إلا الصبح, إلا أن تنزل نازلة فيقنت في كلها إن شاء الإمام
Hente aya Qunut dina sakabeh sholat kajaba dina sholat subuh jeng kajaba lamun loba fitnah ka umat islam seperti ges ngalindih perkara anu batal, kajahatan, narkoba, perjudian, jeung sajabana, maka di sunatkeun ka imam kudu maca Qunut Nazilah dina sholat 5 waktu.
Dina syarah Al-Muhadzdzab juz ka 3 halaman 492 syeh imam An-nawawi ngajelaskeun.
الصلاة الصبح أن يقنت في الركعة الثانية,لما روى انس
Maka sunat dina sholat subuh maca Qunut dina i'tidal roka'at ka dua, karena nurut kana hadist anu di riwayatkeun ku imam Annas bin malik ra,
Syeh sayyid bakri Assatto ngajelaskeun dina kitab i'anatuttholibin juz ka 1 halaman 158.
وسن قنوت بصبح أي لما صح أنه صلى الله عليه وسلم مازال يقنتُ حتى فارق الدنيا
Di sunatkeun maca Qunut dina sholat subuh berpedoman kana hadist shoheh, Saestuna kanjeng Nabi Muhammad SAW salamina maca Qunut dina subuh dugika pupusna.
Syeh abdul kariim bin muhammad Ar-rofi'i dina kitab Al-ajiz sarah Al-wajiz Halaman 412 ngajelaskeun.
ويستحب القنوت
Di sunatkeun maca Qunut dina sholat subuh.
Al-alamah Al-mahalli Syeh jalaludin Al-mahalli ngajelaskeun dina kitab Al-mahalli juz awal halaman 157
ويسن القنوت في اعتدال ثانية الصبح وهو اللهم اهدني
Dina kitab Al-majmu' juz ka 3 halalaman 504 di jelaskeun;
عن أنس رضي الله عنه قال, أن النبي صلى الله عليه وسلم قنت شهرا يدعو عليهم ثم ترك فأما في الصبح فلم يزل حتى فارق الدنيا ( البيهقي والدار قطني )
Imam Al-baihaqi sareng Ad-darqutni nampi katerangan ti Annas bin malik, Saestuna kanjeng Nabi Muhammad SAW ngaos Qunut sa sasih ngadu'akeun ka kaum muslimin teras liren deui, Anapon ari dina sholat subuh mah kanjeng Nabi Muhammad SAW hente liren ngaosken Qunut na dugika pupusna.
PENJELASANA
Hadist dari annas ra, ini menerangkan bahwa Nabi Muhammad SAW melaksanakan Qunut Nazilah satu bulan terus berhenti, karena ada 70 orang dari sahabat Nabi yang di bunuh oleh orang kafir, Maka berhentinya Nabi Muhammad SAW membaca Qunut Nazilah ? karena turun ayat ini Dari surat Al-imron ayat 128.
ليس لك من الأمر شيئ أو يتوب عليهم أو يعذبهم فانهم ظالمون (سورة العمرن آية 128)
Yang di maksud dengan ayat ini, Adalah larangan dari Allah SWT terhadap Nabi Muhammad SAW supaya menghentikan mendoakan celaka terhadap orang kafir yang membunuh para sahabatnya, Karena sekalipun orang-orang itu dzolim tapi jika bertobat Allah SWT akan menerima tobatnya, Dan jika tidak bertobat pasti Allah akan menyiksanya. Di jelaskan dalam shoheh bukhori juz awal halaman 104 ibnu abbas sareng anu sanes na ngajelaskeun Saestuna kanjeng Nabi Muhammad SAW ngawrukan kana ieu du'a ka para sahabat supaya di baca dina i'tidal roka'at ka dua dina subuh nya eta,
اللهم اهدني فيمن هديت, رواه البيهقي
Sunan Al-baihaqi juz ka 2 halaman 210, Dina Sunan abu daud juz ka 2 halaman 68, Dina shohih At-turmudi juz ka 2 halaman 250 jeung sajabana.
0 Komentar