PIDATO BAHASA SUNDA TEMA KEBERSIHAN DAN KASEHATAN


Kumpulan pidato bahasa Sunda dengan tema kebersihan dan kesehatan


KABERSIHAN SABAGIAN TINA IMAN

Assalamualaikum wr wb

Langkung tipayun urang panjatkeun puji sinareng syukur kailahiirabbi nu mana kalayan hidayah sareng inayahna, urang sadaya tiasa kempel dina ieu tempat kalwan dina kayaan sehat walafiat.

Para wargi anu ku simkuring dipikahormat.

Dina ieu waktos, abdi bade nerangkeun sakumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana. Janten, urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan sareng awak nyalira pikeun urang sadaya tiasa ngajaga tina sagala panyakit. Ku margi kitu, urang kedah ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kapayunna di kawitan ti ayuena.

Dina salah sahiji hadits diterangkeun...

Inna dhofatu minal iman

Nu hartosna : “Kabersihan teh sabagian tina Iman”

Tina hadits eta, urang tangtu tos ngartos maksad sareng tujuannana, nyaeta urang teh umat muslim anu ngagaduhan iman dina jero hate urang. Upami urang sadaya iman ka Allah, berarti urang kudu bersih atanapi suci tina sagala kokotor boh hadas alit atawa hadas ageung, nu nyebabkeun urang teu suci.

Bersih eta sadaya teh nu didasarkeun tina bersihna jeung sucina urang sareng lingkungan di sakitar urang. Kabersihan sakola oge kudu urang jaga. Urang kudu mikacinta kabersihan sangkan hate urang ge milu bersih.

Kabersihan teh aya marupi-rupi macemna, nyaeta aya bersih hate, bersih jiwa, bersih raga, sareng bersih rohani. Tah, urang kudu janten jalmi anu kaasup kana jalma anu bersih sadayana. Allohumma, amien…

Hayu urang sami-sami ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kasaean urang sadaya sangkan tiasa leuwih getol kana ibadah ka Gusti nu Maha Welas tur Maha Asih.

Para wargi anu mulya.

Cekap sakitu abdi nyanggakeun pihatur, pamungkas pisanggem, bilih aya basa anu kirang entep saeureuhna atanapi kecap anu kirang merenanh larapna, mugi kersa ngahapunten.

Wassalammu’alaikum Wr. Wb.

KABERSIHAN KEDAH DIJAGA

Assalamualaikum warakhmatullahi wabarakaatuh !

Salam Sejahtera

Mula-mula kuring hayang ngedalkeun hatur nuhun ka ibu guru sarta kabeh rencang kuring anu geus masihan kasempetan kuring pikeun pidato dina beurang ieu, ngeunaan miara lingkungan.

Hadirin anu dipihormat, urang nyaho yen global warming nyata masalah anu serius pikeun nagara-nagara anu aya di dunya. Global warming teh lumangsung sabab kagiatan manusa anu bisa ngarusak bumi tempat urang hirup.

Global warming nyata proses kanakan suhu rata-rata atmoser, sagara, sarta bumi. Global warming ieu ngabogaan akibat anu picilakaeun pikeun kahirupan makhluk hirup, saperti: suhu hawa ngaronjat di luhur rata-rata, mindengna lumangsung cuaca anu henteu menentu saperti ayeuna ieu, parobahan iklim, jst. Global warming ta akibat ti efek imah kaca, kebakaran leuweung, jst.

Pamarntah geus ngalaksanakeun usaha pikeun nyegah global warming, sapertos: ngalakukeun reboisasi, ngahulag pangwangunan gedong anu mak kaca kaleuleuwihan, penanaman sarbu tangkal, nyieun taman kota, jst. Henteu ngan di Indonsia tapi nagara-nagara di dunya geus ngalakukeun usaha panyegahan global warming.

Pancen urang minangka pelajar kudu miara lingkungan ambh global warming henteu ngancem mahluk hirup anu aya di bumi ieu. Urang bisa ngalakonan tindakan leutik tapi boga pangaruh ged, saperti: urang miceun runtah dina tempatna, melak tangkal di pakarangan kelas, nyokot runtah anu ambacak, jst.

Hadirin anu dipihormat, ku sabab ta miara lingkungan kacida penting sakali ambeh anakincu jaga urang engke bisa ngarasakeun endahna hirup di dunya ieu sarta bumi urang tetep lestari. Amin!

Hayu urang mimitian miara lingkungan ayeuna saperti melak tangkal pikeun hiji urang!

Wassalamualaikum Warakhmatullahi wabarakaatuh !

KABERSIHAN TANGGUNG WALER SADAYANA

Assalamualaikum wr wb..

Bapak kepala sakola Encep Rohimi S.Pd, sareng bapa/Ibu guru, anu ku simabdi dipihormat, sareng rerencangan saangkatan, kaka kelas, sareng adi-adi kelas anu ku simabdi pikadeudeuh. 

Langkung tipayun hayu urang panjatkeun puji sinareng syukur ka ilahiirabbi nu mana kalayan hidayah sareng inayahna, urang sadaya tiasa kempel dina ieu tempat ieu dina kayaan sehat walafiat. Amin

Dina waktos ieu, abdi bade nerangkeun pikeun pentingna ngajaga kabersihan lingkungan kanggo urang sadayana. Janten, urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga kabersihan pikeun diri urang sorangan.

Dina salah sahiji hadits diterangkeun "Inna dhofatu minal iman" Nu hartosna, “Kabersihan teh sabagian tina Iman”. Tina hadits eta, urang tangtu tos ngartos maksad sareng tujuannana, nyaeta urang teh umat muslim anu ngagaduhan iman dina jero hate urang.

Upami urang sadaya iman ka Allah, berarti urang kudu bersih atanapi suci tina sagala kokotor boh hadas alit atawa hadas ageung. Bersih eta sadayana teh nu didasarkeun tina bersih jeung sucina urang sareng lingkungan di sakitar urang.

Kabersihan sakola kudu urang jaga. Urang kudu mikacinta kabersihan sangkan hate urang ge milu bersih. Urang kedah ngajaga lingkungan sakola sapertos ulah micen sampah papaduan, nyurat nyoret tembok atawa bangku sakola, jeung sajabana.

Supaya dina urang diajar kacipta proses diajar jeung ngajar jadi geunah. Pastina, lamun bersih tangtuna urang jadi betah mun aya dilingkungan sakola atawa di jero kelas. Ku kituna, urang kudu ngajaga kabersihan sakola sapertos miceun sampah kudu ka tempatna.

Kabersihan oge aya marupi-rupi macemna, nyaeta aya bersih hate, bersih jiwa, bersih raga, sareng bersih rohani. Tah, urang kudu janten jalmi anu kaasup kana jalma anu bersih sadayana.

Allohumma, amien... Hayu urang sami-sami ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kasaean urang sadaya sangkan tiasa leuwih getol kana ibadah ka Gusti nu Maha Welas tur Maha Asih, ku cara sasarengan urang hayu ngajaga kabersihan dina lingkungan sakola.

Cekap sakitu wae abdi nyanggakeun biantara ieu, pamungkas pisanggem, bilih aya basa anu kirang entep saeureuhna atanapi kecap anu kirang merenah larapna, mugi kersa ngahapunten.

Wassalammu’alaikum Wr. Wb

KABERSIHAN KANGGO KANYAMANAN

Assalamualikum Wr. Wb.                 

Puji sareng syukur hayu sasarengan urang sadaya haturkeun ka Gusti Allah SWT kumargi dina ieu waktos urang sadaya di pasihan kasehatan lahir sareng bathin.

Teu hilap solawat sareng salam hayu urang sadaya haturkeun ka junjugan Nabi Muhammad SAW, kangge rerencanganna, kaluargana sareng ka urang sadayana, amin. Saterasna, simkuring ngahaturkeun hatur nuhun kanggo Ibu Elis kumargi tos masihan waktos kangge abi ngabiantarakeun di payuneun rerencangan sadaya.

Ibu-ibu, bapak-bapak, teteh-teteh, aa-aa sadayana judul ieu biantara teh nyaeta Ngajaga Kaberesihan Sakola Pikeun Kanyamanan Diajar

Sapertos nu ku urang sadaya tingal ayeuna, kaberesihan sakola urang sadaya teh kacida kurangna, sok sanajan sakola urang sadaya ieu teh nuju di bangun,  urang sadaya tetep kudu ngajaga kaberesihan, minimal kaberesihan kelas masing-masing.

Sapertos dina HR. At-Tabrani sareng Hakim annnadaafatu minal iman nu artina Kaberesihan nyaeta bagian tina iman. berarti lamun urang sadaya ngajaga kaberesihan berarti urang sadaya kaasup jalmi nu beriman nu aya di jalan Allah SWT.

Sareng aya deui H.R At-Tirmizii nu isina urang teh kudu ngajaga jeung ngaberesihan buruan imah urang, tah ari kitu mah naon hubunganna jeung sakola? Nya aya atuh, urang teh diajar disakola teh geus jiga urang keur calik di bumi urang sorangan, sanajan euwuh Bapa, Indung kan aya Bapa jeung Ibu guru nu geus dianggap ku urang sadaya jiga kolot urang.

Salian ti eta, manfaat urang sadaya ngajaga kaberesihan sakola nyaeta pikeun kanyamanan urang diajar. Sok ayeuna bayangkeun lamun urang sadaya diajar dina tempat nu bararau sampah jeung rea kebul, pasti urang na ge teu betah, guru-guru oge sami siga kitu lamun kelas urang sadaya kelasnya karotor pasti teu betaheun tuluy menta kelasna diberesihan heula lamun rek diajar, kan aya.

Tuluy manfaatna nu ka dua nyeta urang sadaya moal bakal kakeunaan panyakit, sapertos Malaria, DBD jeung sajabana. Kabeh panyakit teh sarangna tinu sampah jeung sajabana.          

Pikeun ngajaga kaberesihan sakola, dina hate urang sadaya kudu di terapkeun sikap atawa inisiatif pikeung ngajaga kaberesihan. Sakola kuduna mah ngayakeun kagiatan beberesih sakola babarengan sapertos JUMSIH (Jumat Bersih). Urang salaku warga SMP N 1 Garut kudu ngilu aktip dina sagala kagiatan sakola, aktip dina sagala kahadean sakola, aktip miara sakola.

Dina diri urang tong aya pipikiran kieu ken bae ah da beberesih mah gawe na Mang Mim jeung Mang Kasmo, ulah kitu. Sanajan Mang Mim jeung Mang Kasmo ngaberesihan sakola urang ge kudu ngilu beberesih, karunya Mang Mim jeung Mang Kasmo ari urang sadaya teu ngajaga kaberesihan, hargaan saeutik atuh sagala parjuangan Mang Kasmo jeung Mang Mim, minimal henteu miceun sampah sangeunahna.

Kasimpulana, urang sadaya kudu sami-sami ngajaga kaberesihan sakola pikeun kanyamanan diajar, balik deui ka kanyamanan diajar, kanyamanan diajar manfaatna nyaeta pikeun ngahadekeun nyerep sagala palajaran, pikeun nu diajar jeung nu ngajar baretah cicing di sakola.

Minimal urang ngajaga kaberesihan sakola nyaeta tong miceun sampah sangeunahna. Sabab mun urang miceun sampah sangeunahna, teu dina tempatna bakal rea pibakaleun panyakit. Tuluy ngajaga kaberesihan kelas masing-masing. Mun nu hade mah sakola ngadakeun JUMSIH urang sadaya kudu ngiluan tina eta kagiatan.

Sakieu wae biantara nu ku simkuring tiasa haturkeun, mugi-mugi aya mangpaatna kango sadaya, hapunteun bilih aya kalepatan dina ngahaturkeun ieu biantara. Hatur nuhun tina sagala perhatosannana.

Wasalamualikum Wr. Wb.

KASEHATAN JASMANI SARENG ROHANI

Assalamualaikum warahmatullahi Wabarakatuh

Dina danget ieu sim kuring bade maparkeun kabalarea yen urang teh penting ngajaga kasehatan.

Kesehatan bisa di sebat hal anu poko Anu Kedah ku urang di jaga tidak ngora nepika jaga. Kesehatan oge tiasa disebat  kanikmatan anu luar biasa anu teu Aya bandingan nana.

Hadirin anu dimulyakeun ku Gusti Allah, Aya seueur cara kanggo urang ngamumule kasehatan pikeun diri urang.

Mimiti ti kesehatan raga atanapi jasmani, diteruskan karena kesehatan jiwa atanapi rohani.

Tah upami urang Hoyong sehat jagjag waringkas, urang Kedah soson soson meresihan diri urang Tina Sagala kokotor, Bade eta Kotor rohani atanapi kokotor jasmani.

Upami meresihan kokotor jasmani mah kurang resep mandi, meresihan lingkungan, Jeung Sagala  anu bisa nyebarin urang jadi kakeunaan ku panyakit, tapi meresihan kokotor rohanimah ku urang kudu ningkatkeun Kalimantan la Gusti Allah.

Tah kesehatan teh lain saukur beresih tina Sagala rupa, kusabab nu beresih teh can tangtu sehat. Tapi ku urang Aya usaha keur meresihan eta awak atanapi rohani, didinya Aya point awak urang bisa kagerakeun, nu Matak bisa jadi ngajagjagkeun raga urang.

Jadi sehat teh lain saukur kudu bersih tapi urang Oge kudu miboga aktivitas anu bisa ngagerakeun awak urang aneh loba racun anu kaluar Tina awak urang. Kaluar namah bisa ku kesan, ku ompol Jeung sajabana.

Inget Ieu kecap “ sakumaha beunghar eta jalma, upami anjeuna teu jagjagmah tiasa disebat rugi pisan jalmanateh, soalna teu bisa nganikmati kabeungharanana, tapi inget kanikmatan anu utama nyaeta, upami urang beunghar nya dipaparinan kasehatan, tur salamet dunya Jeung aherat.

Tahh.. kusabab kitu sok urang ulah nyiar naon naon nu bisa jadi pipanyakiteun, tapi siarmah naon naon nu bisa piduiteun Jeung pisehateun.

Inget piduiteun Jeung pisehateun, upami piduiteun tapi teu dibarengkan ku pikasehateunmah ulah, sabab keur naon nyiar duit Ari tingtung anda urang kudu geuringmah. Talung  keneh nyiar pikasehateun da Ari geus sehatmah urangteh bisa nyiar duit.

Tahh.. kukituna urang salareaa kudu ngajaga kasehatan teh, inget nu beunghar bari gerong lamun ditanya hayang naon pasti jawabanana “ hayang sehat “. Tahh kukituna urang bisa nyimpulkeun kasehatanteh leuwih beunghar tibatan harta nu ku urang digugulung.

Dupi siganamah sakitu Bae anu tiasa dikapihatur, hapunten Tina kasalahanana, Jeung inget hayu urang kudu sehat tur jagjag Dina raga Jeung rohanina.

Sakinten wassalamu’alaikum warahmatullahi wabarakatuh

KASEHATAN RAGA

Assalamualaikum Wr. Wb

Wilujeng Enjing Sadayana.

Ibu Guru nu dipihormat sareng sadaya rerencangan, siswa kelas IV nu dipikacinta.

Langkung ti payun mangga urang sanggakeun puji sareng sukur ka Allah SWT nu parantos maparin waktos ka urang sadayana dugi ka tiasa patepang raray dina ieu acara. Alhamdulillah urang tiasa kempel di ieu tempat dina kaayaan sehat wal afiat.

Para wargi anu ku simkuring dipihormat. Dina ieu waktos, abdi bade ngadugikeun kumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana. Urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan sareng awak sorangan sangkan dijauhkeun tina sagala panyakit.

Ku margi kitu, urang kedah ngalaksanakeun hirup sadidinten ku cara anu sehat. Meresihan awak atawa ibak, meresihan kuku, nyikat waos anu rutin, eta conto hirup anu sehat. Conto sanesna, miceun runtah kana tempatna, nyiduh ulah di mana wae, batuk atawa beresin kudu nutupan baham.

Saupami sadidinten urang ngajaga kaberesihan awak urang bakal beresih atanapi suci tina sagala kokotor. Bersih teh hartosna bersih-sucina diri urang sareng lingkungan di sabudeureun urang. Urang kedah mikacinta kana kabersihan sangkan hate urang ge suci sareng bersih.

Hadirin sadaya. Cekap sakitu nu kapihatur, pamungkas ti abdi, bilih aya basa anu kirang entep seureuhna atanapi kecap anu kirang merenanah larapna, mugi kersa ngahapunten.

Hatur nuhun kana perhatosanana.

Wassalamualaikum wr.wb

KABERSIHAN SAKOLA

Assalamualaikum Wr. Wb

Wilujeng Enjing Sadayana.

Ibu Guru nu dipihormat sareng sadaya rerencangan, siswa kelas IV nu dipikacinta.

Langkung ti payun mangga urang sanggakeun puji sareng sukur ka Allah SWT nu parantos maparin waktos ka urang sadayana dugi ka tiasa patepang raray dina ieu acara. Alhamdulillah urang tiasa kempel di ieu tempat dina kaayaan sehat wal afiat.

Para wargi anu ku simkuring dipihormat. Dina ieu waktos, abdi bade ngadugikeun kumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana. Urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan sareng awak sorangan sangkan dijauhkeun tina sagala panyakit.

Ku margi kitu, urang kedah ngalaksanakeun hirup sadidinten ku cara anu sehat. Meresihan awak atawa ibak, meresihan kuku, nyikat waos anu rutin, eta conto hirup anu sehat. Conto sanesna, miceun runtah kana tempatna, nyiduh ulah di mana wae, batuk atawa beresin kudu nutupan baham.

Saupami sadidinten urang ngajaga kaberesihan awak urang bakal beresih atanapi suci tina sagala kokotor. Bersih teh hartosna bersih-sucina diri urang sareng lingkungan di sabudeureun urang. Urang kedah mikacinta kana kabersihan sangkan hate urang ge suci sareng bersih.

Hadirin sadaya. Cekap sakitu nu kapihatur, pamungkas ti abdi, bilih aya basa anu kirang entep seureuhna atanapi kecap anu kirang merenanah larapna, mugi kersa ngahapunten.

Hatur nuhun kana perhatosanana.

Wassalamualaikum wr.wb

0 Komentar

Posting Komentar